Sponsors

Kamis, 08 September 2011

Kuring Jeung Simpé



Ku  : Aulia

            Amparan langit diawuran ku béntang baranang nu ting kariceup, teuing ngiceupan saha. Bulan hurung ngempur. Mabra cahyana, teuing nyaangan saha. Hiliwirna angin peuting nyecep, tiis mipir kulit. Simpé sésélékét kana jero haté. Geus euweuh sora nu kaluar tina biwir kuring. Ukur sora jarum jam nu mapaés ketug jajantung. Tik-tek, tik-tek, dug dug dug…..
Dada asa diheumpikan ku gunung batu, hésé rék engapan. Siki panon asa narolol. Babatok kawas rék peupeus, asa ditojosan ku rébuan jarum. Awak ruy rey, kawas nu geus lila singsireumeun.Ti mimiti daun ceuli, ramo-ramo leungeun nepi ka dampal suku baraal. Teu kaop katoél saeutik, linu.
Suku diséréd ka kamar mandi, gep nyekelan heula kana biwir bak. Geus bisa nangtung rada ajeg buru-buru wudu. Tuluy nyarandékeun awak kana témbok, saeutik-saeutik ngised ka kamar. Nyokot sajadah jeung mukena nu nambru dina risbang urut solat Isa, teu lila husyu tahajud. Rada rerep singsireumeunna leungeun téh saenggeus buku-bukuna dipaké wirid mah. Mukena jeung sajadah ditilepan. Sok ditunda di lomari.
Gék diuk nyanghareupan méja tulis, ragamang leungeun kana pulpén. Gutrut nulis dina diary. 
Salasa, 00 : 42 WIB
“Hhhhhhhhhh………..” 
            “Huwaaahhhhhh……..” diary nguliat, “Jam sabaraha ieu? teu nyaho waktu ah, ngahudangkeun lain wayah !” pokna bari ngageubig-geubigkeun awakna nu cikénéh ditulisan ku kuring.
            “Tuda keueung………” témbal kuring
            “Matak naon sing tibra kainyah, tuh kawas nu séjén ngagalebra diaping ku indung peuting”  diary gugurutu.
Kuring ngeluk tungkul, “Kahayang mah kitu, kawas batur”
            “Naha maké teu bisa? Pang babarina atuh pagawéan saré mah !”
Kuring ngaheruk, diary angger neuteup leleb.
Di luar jandéla, peuting poék mongkléng, peuting nu simpé, peuting nu kuring.
***

            Beres tahajud, kuniang hudang, mukena jeung sajadah ditunda deui di tempatna. Jarigjeug, jarigjeug muru meja tulis. Golosor metot bangku, gebru meubeutkeun awak kana bangku. Ragamang leungeun kana diary, muka lambaranna cara sasari.
Rebo, 01 : 13 WIB
“Nyaliksik angin janari dikeukeupan simpé….”
            “Hmmm…” panon diary mélétét, hésé rék beunta.
Laju kuring ngagutrut deui.
            “Néang panyumputan linduk, ukur bisa parkir na haté sabab sukma kakurung waruga nu teu walakaya, hhhhhhh…….” reg eureun nulis.
Diary masih kénéh pura-pura teu maliré.
Kuring nyarandé kana korsi. Sirah masih kénéh nyanyautan.
Teuing peuting nu ka sabaraha kudu ngarandapan deui kasakit kawas kieu téh. Unggal hudang saré nyanyautan dina sirah. Nyeri, lieur, jangar. Akh, sagala rupa pagalo matak teu puguh rarasakeunana. Disarékeun asa muter, awak asa kakalayangan, asa dipuihkeun tarik kawas naék Roller Coaster dina kecepatan maksimum.  Ditangtungkeun teu kuat, disarandékeun sing jarenud. Adug lajer sorangan aya kana dua jam na.
            “Aaaaaaarrrrggggh !!!”
Diary ngoréjat.
            “His, tengah peuting jojorowokan !” pokna bari ngucek-ngucek panonna nu cepel kénéh.
            “Atuda nyeri…..”
            “Kunaon atuh?”
Kuring cumalimba.
“Numutkeun hasil CTScan, aya getih nguwung dina selaput otak kenca nu ngalantarankeun tiap aya kontraksi kana otak bakal nimbulkeun réaksi nu ampir teu katahan nyerina. Sirah kawas rék peupeus, saawak-awak nyanyautan”
 “Emh, Gusti !” Diary katangen ngarénjag, “Ubaran atuh !”
“Lain teu diubaran. Tatamba mah tatamba, tapi numutkeun dr. ahli saraf. Kudu operasi, éta gé teu bisa nangtukeun 100% cageur. Perbandinganna 60% - 40%, Operasi hasil kalayan salamet atawa cacad saumur hirup. Stroke. Naudzubillah !”
“Euweuh cara séjén?”
“Mun teu daék operasi cenah bisa dileukeunan ku cara laser”
“Sok atuh !”
“Emh, ngababarikeun ngomong téh”
“Na kumaha kitu?”
“Teu cukup sakali. Genep bulan sakali keur periode awal, satuluyna ningali heula perkembangan. Lain teu hayang deuih, keueung ku efek sampingna, cenah matak murudul kana buuk jeung peot kana kulit. Can beaya nu kudu disiapkeun unggal genep bulan sakali. Jeung lah, geus horéam kudu bulak-balik ka Rumah Sakitna”
Diary ukur ngabetem.
***

            Peuting angger ngabelegbeg hideung, poék peteng. Peuting angger simpé. Peuting angger teu daék mépéndé waruga nu geus lila hayang reureuh. Keueung sésélékét kana jero haté.
Lalaunan muka jandéla kamar, angina nu nyecep tiis langsung neumbrag kana beungeut. Gék hareupeun méja tulis nyanghareupan diary.
Kemis, 01 : 15 WIB   
“Haturnuhun Gusti, katampi pisan kanyaah Anjeun”            
            “Salah atuh !” gantawang téh diary nyarékan.
Bakat ku reuwas, pulpén macleng ka kolong méja tulis. Ragamang dicokot, laju ngagutrut deui,
            “Naha maké salah, naon kasalahan kuring?”
            “Matak naon protés atuh. Ongkohna dibéré panyakit tapi kalah nganuhunkeun, sok araranéh !”
Kuring imut kagugu
            “Naha maké nyengir? Yeuh, urang mah saukur darma wawayangan hirup di dunya aya nu ngatur”
            “Heu euh ngarti” kuring unggeuk.
            “Matak naon protés kanu ngatur téh tah, embung dibéré kasakit kawas kitu kituh!” Ceuk Diary, “Da moal héséeun pikeun Anjeunna mah. Sok penta, hayang cageur kituh !”
            Kuring unggeuk. Ngamparkeun sajadah, seja sumerah kanu kagungan nyawa. Sedengken peuting angger hideung ngabelegbeg, angger simpé, angger teu bisa mépéndé waruga nu geus lila hayang nyamuni ngareureuhkeun kacapé.
***

Jumaah, 01 ; 10 WIB
            “Hhhhhhh……”
            “Etah geura kalah nyaring? Karék sajam peureumna gé !” Diary nguniang hudang basa awakna ditulisan ku kuring.
            “Babatok asa rék peupeus. Awak ruy rey sing jarenud. Lah, matak horéam saré téh kieu. Nikmatna mah sakeudeung, nyerina wé yeuh, Hhhhhh…..”
            “Karaos deui?”
Kuring cumalimba, “Rasasaan mah iklas, tapi kunaon kieu waé. Teu meunang kitu kuring saré tibra?” kuring dumareuda..
            “Atuda dipikiran waé, saméméh saré kapaur geus miheulaan. Janglarkeun wéh”
            “Teu dipikiran teu sing. Kapikiran wé meureun da montél waé
            “Keun wéh, sing sabar……”
            “Nyeri……” kuring lumengis
            “His, sing sabar bageur……..”
            “Nu kumaha nu disebut sabar téh?!” teu sirikna rék bijil siki panon kuring molototan diary, “Manéh mah teu ngarasakeun tuda yeuh aing téh nyeeeeerrriiiiiii !!!”
            Diary ukur bisa ngahéphép cicing basa pulpén ngagarisan, nyorét-nyorét awakna. Salambar, dua lambar, tilu lambar…… dijojoét, dicurat-carét deui, disoekkeun, dijojoet deui, dirikes-rikes, tuluy dialungkeun ka unggal juru kamar, dipaké meupeus keuyang leungeun kuring nu keur aral.
***

            Langit lenglang taya béntang, bulan nu sasarina hurung ngempur teuing nyumput di mana. Angkeub ku pihujaneun. Awak karasa bayeungyang. Sakadang tunduh can kénéh daék nyimpang.
Saptu, 11.07 WIB      
“Aaaaarrrrrgggghhh……!!!”
            “His, ceuceuleuweungan tengah peuting !” Diary ngagorénjal hudang.
            “Geuleuh tuda, keuheul aingah !”
            “Na kunaon atuh?” diary mencrong
            “Kamari ditegor ku atasan gara-gara pagawéan teu tuntas….” Kuring ngarénghap rada jéro hayang nyeuseup kabéh hawa di jéro kamar keur ngeusian kebekna hate.
            “Terus?” Diary saregep ngadéngékeun.
            “Tadi beurang ditegor deui baé pedah kasaréan basa meeting”
Diary nyeuleukeuteuk seuri.
            “Naon siah nyeungseurikeun?” kuring mureleng.
            “Atuda enya piseurieun. Maenya batur rapat ieu ngadon saré?” pokna masih kénéh nyeuleukeuteuk.
            “Tuda teu kuat ku tunduh. Ah, gara-gara kasakit koplok tah, kacau hirup téh, unggal peuting teu bisa saré, jadwal awut-awutan, gawé teu bener, awak lungsé, Aaaaaarrrrrgggghhhh ……!!!”
Diary langsung eureun seurina, “Tuda kumaha atuh, sing sabar wé…..”
            “Kurang sabar kumaha deui atuh kuring téh?!”
            “Pariksa deui geura, ubaran, kumaha ké” Diary neuteup bangun nu karunyaeun
            “Enggeus. Malahan geus di hypnoteraphy sagala”
            “Dikumahakeun tatéh?”
            “Dihipnotis, disinah saré
            “Bisa cageur?”
            “Enya sabuat dina pangaruh hipnotis mah, ngan…..”
            “Ngan naon?” diary mencrong panasaran.     
“Piraku kudu manggil illusionis saban hayang saré?”
            “Aéh enya nya” diary kéom.
Kuring cengkat laju leumpang ka luar kamar. Balik deui ti dapur mawa kulub kentang jeung ci téh panas. Sok ditundaan di luhur meja tulis, katuhueun diary.
Kulub kentang dipesék. Am… am…. cacamuilan. Regot kana citéh panas. Diary teu lemék sakemék.
Eureuleu kuring teurab.
            “His, awéwé-awéwé teurab kawas kitu, ngéwa!” pokna ngagebés.
Kuring imut, “Tibra sugan ayeuna mah”
            “Enya atuh sing tibra. Héy, teu sieun gembrot peuting-peuting nambul kentang?” Teuteupna teu ngiceup-ngiceup pikalucueun.
Kuring ngarampaan pipi sorangan, “Jeun teuing ah, tibatan teu bisa saré. Pan ceuk dokter gé kentang, korma jeung susu téh mengandung tryptophan  nu ngadukung hormon serotonim ngarah rileks”
Regot deui kana citéh, “Tah ieu gé lain entéh biasa, téh husus nu ngandung chamomile keur nenangkeun sistem saraf”
Diary katangen unggut-unggutan.
***

            Rohangan kamar asa beuki heureut. Lalangitna asa ngahéndépan, lomari ngajegir balaga. Téhel keramik karasa tiis cabrek. Reregan bangun nu nyikikik oyag-oyagan katebak angin nu arasup tina jandéla nu ngahaja dipéléngékeun.
Peuting angger simpé, ukur sora jarum jam patembalan jeung aworna ketug jajantung. Tik-tek, tik-tek, dug, dug, dug……
Gék diuk nyanghareupan méja tulis cara sasari.
Minggu, 12 ; 05 WIB
            “4, 3, 2, 1…….” Kuring ngitung lambaran kertas diary.
            “Téréh béak” pokna
Kuring ngahuleng. Ngarérét kana almenak, sarua téréh béak. Tapi naha kasakit kuring teu béak-béak? Geus sabaraha kali ganti almenak, angger kuring kudu ngalanglang peuting, dikeukeupan simpé, disimbutan alum ngungun, motah, mudalkeun sagala rasa nu teu tilém ku belegbegna peuting.
            “Diary, kuring embung leungiteun anjeun” ceuk kuring dumareuda.
Diary ngarahuh, “Kumaha tuda, kitu kaayaannana….”
            “Ah, kuring teu wani nyanghareupan peuting sosoranganan”
            “Kudu bisa!” 
            “Teu bisa!”
            “Kudu!” Diary keukeuh
            “Aaaaarrrrrggggghhh…..!!!”
Diary tipepereket nutupan ceulina.
“Kawas gubragna ka alam dunya, sorangan. Laju lumaku diantara geret hideung jeung bodas nu kalan-kalan dipapaés ku warna katumbiri nu tingarudat”
“Nu boa moal bisa misahkeun warna-warnana !” témpas kuring
“Nya kudu panceg dina suku sorangan, néang jalan pangbalikan” diary neuteup leleb kawas nu hayang méré kakuatan pinuh keur kuring. Ngobarkeun deui sumanget hirup nu méh méhan pareum.
            “Saenyana nu dipiharep unggal peuting téh lain hurung ngempurna bulan. Nu ditunggu unggal isuk lain meletekna srangenge” aya nu ngalémbéréh na juru panon.
“Sabenerna lain jarum jam nu dipusuhan lantaran teu méré lolongkrang keur reureuh. Tapi milik diri ngendag-ngendag cimata nu teu kuateun nyamuni dina kecap sabar…” kuring rumahuh.
            “Sakapeung ayana bulan nu moncorong teu kapaliré. Teu unggal jelema bisa ngarasakeun nikmatna nyeueung bulan. Komo mun ku urang diadumaniskeun jeung ibadah unggal peuting. Hirup nu sampurna téh nu mulihna ka jati mulangna ka asal geus apal jampé paéh. Teu unggal jelema bisa ngarasakeun nikmatna ngadeukeutkeun rasa ka Pangeran dina waktu simpé, nyasaak mangsa ku cimata. Sumerah…” pokna leuleuy.
Nu ngalembéréh na juru panon ngamalir kana pipi, ting garantung na tungtung gado. Enya, anjeun nu sok satia maturan kuring. Maturan simpéna peuting, meuraykeun poékna peuting.
            “Ah, jaba awak bariru kieu ieu téh….”
Diary curinghak, “Kunaon?”
Kuring godeg, “Teuing. Baheula kungsi kieu. Ceuk dokter mah aya kerusakan jaringan pembuluh kafiler. Hhhhhh…….”
            “Pariksakeun deui atuh bisi kumaonam”  diary katangen hariwangeun.
            “Sangeuk, geus horéam bulak-balik ka rumah sakitna lah!”
            “Har, ari geus kumaha atuh?”
            “Kuma engké wé !”
Kulutrak muka jandela kamar nu tadi ukur méléngé. Angin janari langsung neumbrag beungeut. Bulan katompérnakeun. Mabra cahyana méh kalis kateureuy mangsa. Pias, kawas poé nu bakal kasorang. Akhh…..
“Tadina mah embung nelegan pél tidur, sieun ketergantungan. Tapi da kumaha deui…..”
Diary teu lemék sakemék.
Panon ngarérét kana jam wéker, geus wanci janari. Ragamang leungeun katuhu kana laci méja tulis. Sorolok, golosor laci didudut. Kusiwel ngaluarkeun jet lag tidur jeung obat anti depressant.
            “Kapaksa ayeuna mah…..”  lep obat ditelegan.
Diary ukur ngembang kadu.
Teu lila kuring merelek heuay, tuluy nambru ngaguher luhureun diary.
***

            Amparan langit diawuran ku béntang baranang nu ting kariceup. Bulan hurung ngempur, Mabra cahyana. Hiliwirna angin peuting tiis, matak nyecep kana kulit. Peuting teuing ku simpé. Ukur sora jarum jam nu meuyarkeun simpéna peuting, tik-tek, tik-tek, tik-tek…….
            Diary guling gasahan. Geus tilu peuting awakna euweuh nu muka. Kertasna euweuh nu nulisan. Geus tilu peuting teu daékeun tibra. Euweuh nu ngaganggu cara sasari, euweuh nu nyurat-nyarét kertasna cara sasari, euweuh nu ngajojoét cara sasari, diary culang-cileung sorangan.

            Geus tilu peuting kuring ngageubra di rohangan sarwa bodas, selang infuse jeung selang oksigén pasuranteng. Simpé, ukur sora alat deteksi jantung. Nit…  nit…   nit…
Sanajan waruga teu walakaya, haté angger muntang kanu Kawasa. Harepan moal sirna sangkan bisa moyan deui dina imutna panonpoé na lambaran anyar taun ieu.


(Kahatur : Diary nu satia maturan simpé)

Kiriman Cerpen temanQ
FIRDA AULIA


0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More